Naskah Khutbah Jumat Tentang Kemerdekaan Bahasa Sunda Singkat Meningkatkan Keimanan

Khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda singkat. (Pixabay/mohamed_hassan)
Khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda singkat. (Pixabay/mohamed_hassan)

BANTENRAYA.CO.ID – Di artikel ini terdapat referensi naskah khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda yang dapat digunakan para khotib pada shalat Jumat.

Naskah khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda kali ini berjudul Kaimanan Modal Utama Ngamulule Kemerdekaan yang artinya Keimanan Modal Utama Memupuk Kemerdekaan.

Dengan naskah khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda tersebut diharapkan para jamaah yang mendengar bisa ikut meningkatkan keimanan karena itu merupakan pondasi dari segala hal termasuk kemerdekaan.

Bacaan Lainnya

Bangsa Indonesia sedang merayakan hari ulang tahunnya di mana sudah 78 tahun lalu bangsa ini bebas dari penjajah. Mari sama-sama merdekakan hati dan pikiran dari hal-hal yang tidak baik dan menghambat ibadah.

BACA JUGA: Teks Khutbah Jumat Tentang Kemerdekaan HUT RI ke-78 Singkat Bahasa Indonesia Menggetarkan Hati dan Kecintaan terhadap Rasulullah SAW

Khutbah Jumat merupakan salah satu syarat sah dalam mendirikan shalat Jumat. Shalat Jumat dianggap sah jika sudah didahului dua khutbah sebelumnya.

Dikutip Bantenraya.co.id dari an-nur.ac.id, berikut rukun, syarat dan sunnah khutbah Jumat:

Rukun khotbah Jumat

  • Mengucapkan puji-pujian kepada Allah Swt.
  • Membaca salawat atas Rasulullah saw.
  • Mengucapkan dua kalimat syahadat.
  • Berwasiat (bernasihat).
  • Membaca ayat al-Qur’an pada salah satu dua khotbah.
  • Berdoa untuk semua umat Islam pada khotbah yang kedua.

BACA JUGA: Teks Khutbah Jumat tentang Kemerdekaan Bahasa Jawa Singkat: Merdeka Saking Gudone Howo Nafsu

Syarat Khotbah Jumat

  • Khotbah Jumat dilaksanakan tepat siang hari saat matahari tinggi dan mulai bergerak condong ke arah Barat.
  • Khotbah Jumat dilaksanakan dengan berdiri jika mampu.
  • Khatib hendaklah duduk di antara dua khotbah.
  • Khotbah disampaikan dengan suara yang keras dan jelas.
  • Khotbah dilaksanakan secara berturut-turut jarak antara keduanya.
  • Khatib suci dari hadas dan najis.
  • Khatib menutup aurat.

Sunah Khotbah Jumat

  • Khotbah dilaksanakan di atas mimbar atau tempat yang tinggi.
  • Khotbah disampaikan dengan kalimah yang fasih, terang, dan mudah dipahami.
  • Khatib menghadap ke jamaah salat Jumat.
  • Khatib membaca salawat atau yang lainnya di antara dua khotbah.
  • Khatib menertibkan tiga rukun, yaitu dimulai dengan puji-pujian, salawat Nabi, dan berwasiat.
  • Jamaah salat Jumat hendaklah diam, tenang dan memperhatikan khotbah Jumat.
  • Khatib hendaklah memberi salam.
  • Khatib hendaklah duduk di kursi mimbar sesudah memberi salam dan mendengarkan azan.

Dengan mengetahui rukun, syarat dan sunah khutbah Jumat, jamaah sholat Jumat dapat mendengarkan khutbah Jumat dengan seksama dan khusyu’.

Berikut contoh naskah khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda dilansir dari nu.or.id:

Kaimanan, Modal Utama Ngamumule Kemerdekaan

Khutbah I

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ. أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ

أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكٌمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، ﴿وَلَا تَحْسَبَنَّ اللَّهَ غَافِلًا عَمَّا يَعْمَلُ الظَّالِمُونَ إِنَّمَا يُؤَخِّرُهُمْ لِيَوْمٍ تَشْخَصُ فِيهِ الْأَبْصَارُ﴾، وَقَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، وَاتَّقِ دَعْوَةَ الْمَظْلُومِ، فَإِنَّ دَعْوَةَ الْمَظْلُومِ مُجَابَةٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ

Sidang jumah rohimakumulloh,

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Anu Maha Suci, Alloh Robbul Izzati.

Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang sadayana ti kawit urang gubrag ka alam dunya dugika danget ayeuna.

Teu kakantun ni’mat taufiq sareng hidayah sahingga dina danget ieu urang tiasa kempel di tempat mulya dina raraga ngalaksanakeun netepan jumah berjamaah.

Solawat sareng salam mugia dikucurkan ka panutan alam, panghulu para nabi, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw.

Teu kakantun ka kulawargina, para sahabat, para tabi’in, para tabi’it tabi’in, dugika urang sadayana anu mugi-mugi dipaparin kakiatan kanggo turut-tumut kana ajaran mantenna, kalayan di akherat urang kenging syafaatna.

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh,

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib wasiat khusus ka diri khotib pribadi, umum ka jamaah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Alloh swt.

Sabab, takwa mangrupakeun kagindingan keur kaimanan urang. Takwa mangrupakeun tameng keur urang ngalaksanakeun sagala parentah Alloh, sareng nebihan larangan-Nana.

Mugia urang sadayana sing digolongkeun ku Alloh salaku jalmi-jalmi anu iman sareng takwa kalayan di akherat bagja ngengingkeun rohmat sareng rido-Na. Amin ya robbal alamin.

Hadirin kaom Muslimin sidang Jumah anu mulya,

Sakedap deui urang baris mieling Hari Ulang Taun (HUT) anu ka-78 Kamerdekaan Republik Indonesia.

Tepatna kaping 17 Agustus 2023. Tujuh puluh lima taun Indonesia merdeka sanes waktos anu singkat kanggo urang.

Saenya-enyana, kamerdekaan sanes hadiah ti penjajah, sareng sanes hibah ti nagara deungeun.

Nanging kamerdekaan nu diraih ku bangsa urang murni anugrah ti Gusti Nu Maha Suci ngalangkungan perjuangan para pahlawan, ti kawit harta, harti, tanaga, dugika darah jeung nyawa.​​​​​​​

Teu salah nu diuningakeun ku UUD 1945, yen kamerdekaan bangsa Indonesia teh nyaeta berkat rohmat Alloh anu maha kawasa.

Para pahlawan tos satekah polah berjuang, ngerahkeun upaya jeung ikhtiar, hingga akhirna Alloh ngairodah maparin kameunangan jeung kamerdekaan keur bangsa urang.

Alhamdulillah ngucap syukur ka Alloh, dugika danget ieu urang hirup di alam kamerdekaan hasil perjuangan para pahalawan jeung luluhur urang.​​​​​​​

Sakali deui, ngucap syukur sabab ukur Alloh anu ngelehkeun musuh jeung penjajah bangsa urang baheula:

وَهَزَمَ الْأَحْزَامَ وَحْدَهُ​​​​​​​

Hartosna, “Alloh nyalira ngelehkeun sadayana musuh.

Ku hal sakitu kedah disyukuri oge dilebetan ieu kamerdekaan ku urang ku perkara-perkara anu sae tur manfaat, imma manfaat keur diri pribadi, keur masyarakat, oge bangsa Indonesia nu dipikacinta.

Katambih jalmi nu teu syukur teh tos diancam ku adzabna Alloh, sabalikna lamun urang syukur ka Alloh, maka nikmat kamerdekaan eta bakal ditambih ku ni’mat-ni’mat sanesna, sakumaha dawuhannana:

لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذابِي لَشَدِيدٌ ​​​​​​​

Hartosna, “Lamun aranjeun bersyukur, maka Kami bakal nambihan (ni’mat) keur aranjeun. Ngan lamun aranjeun kalufur, maka (sing emut) siksa Kaula pohara beurat,” (QS. Ibrohim [14]:7).

Salajengna kumaha nyukuran kamerdekaan ieu? Uih deui kana definisi syukur, nyaeta ngagunakeun ni’mat sesuai sareng kahoyong anu maparin ni’mat.

Nyakitu deui ni’mat kamerdekaan, ieu kedah disyukuran sareng dieusian ku taat ka Alloh sareng rupi-rupi kasaean, bade kasaean keur diri pribadi, kasaean keur masyarakat, sareng kasaean keur nusa bangsa.

Hartosna, ulah rek ngeusian kamerdekaan ieu ku kamaksiatan sareng kakufuran ka Alloh, sumawona ku kamungkaran sareng permusuhan sasama anak bangsa.​​​​​​​

Sakedap deui, urang baris mayunan pesta demokrasi. Hartosna, urang bakal milih calon-calon pamingpin urang.

Mugia urang sing dipaparin para pamingkin anu jujur tur amanah kalayan anu deudeuh ka sadayana rahayatna.

Pamingpin anu tiasa mayungan ka sadayana warga. Nanging, kade ulah rek dikotoran ku tindakan-tindakan teu jujur, tindakan saling rendahkeun, saling hina, saling lecehkeun, anu kadituna matak nganteurkeun kana perpecahan sareng ngajauhkeun tina rohmat Alloh.​​​​​​​

Salajengna, mensyukuri ni’mat kamerdekaan, tiasa dilakukeun ku rupi-rupi kasaean sesuai tugas sareng kapasitas masing-masing.

Anu janten pejabat, nyukuran ni’mat kamerdekaan, ku ngajalankeun tugas jabatanna kalayan pinuh tanggung jawab.

Anu janten tentara, nyukuran ni’mat kamerdekaan ku cara ngajaga kaamanan nagara kalayan totalitas.

Anu janten abdi nagara, nyukuran oge ngeusian ni’mat kamerdekaan ku cara soson-soson ngajalankeun tugas sareng fungsina kalayan amanah sareng pinuh pangabdian. Sareng saterasna.​​​​​​​

Intina urang sadayana, bade istri bade pameget, naon wae latar belakang sosial urang, naon wae latar belakang pendidikan, sareng profesi urang, kedah midamel amal soleh, sareng didadasaran ku iman ka Alloh.

Sabab jalmi nu midalel amal soleh sareng didadasaran ku kaimanan, parantos dijamin bakal dipaparin kahirupan anu sae, malahan bakal dipasihan balasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamelna, sakumaha anu diuningakeun ku Alloh dina Al-Quran.

مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما كانُوا يَعْمَلُونَ ​​​​​​​

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu midamel amal saleh, pameget atanapi istri, sementara anjeuna iman, maka Kaula bakal masihan kahirupan ka anjeuna kalayan kahirupan anu sae, sareng bakal masihan pembalasan ka maranehna kalayan pembalasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamel ku maranehna,” (QS. an-Nahl [27]: 97).

Ku sabab sakitu, janten jelas tur tetela kanggo urang sadayana, nu jadi dasar sagala rupi amal soleh teh nyaeta kaimanan.

Hartosna, tiasa disebatkeun percuma midamel amal soleh, lamun eta amal soleh teu didadasaran ku kaimanan ka Alloh, iman ka para malaikat, sareng iman ka perkara-perkara nu tos ditetepkeun dina rukun iman sanesna.​​​​​​​

Nyakitu deui urang ngamumule kamerdekaan. Moal sampurna upami teu didadasaran ku iman ka Nu Maha Kawasa.

Sabab, anu leres-leres syukur ka Alloh sareng kana ni’mat kamerdekaan nyaeta jalmi-jalmi anu iman. Syukur nalika anjeuna tiasa soson-soson ibadah ka Alloh dina kaayaan lalugina teu aya halangan-harungan, oge teu aya gangguan kaamanan.

Anjeuna tiasa ngabayangkeun, kumaha upami ibadah dina kaayaan teu acan merdeka. Tangtos moal jongjon. Ibadah dina kaayaan serba sullit. Ibadah dina kaayaan teu aman sareng pahibutna perang. Leres-leres matak ringrang jeung honcewang.​​​​​​​

Nanging, berkat dua sadayana rahayat Indonesia waktos harita, sareng perjuangan berdarah-darah para pajuang, Alloh ngalungsurkeun rohmat-Na sahingga terwujud kamerdekaan sapertos ayeuna.

Ku hal sakitu, hayu kamerdekaan bangsa Indonesia ieu, urang syukuran, mumule, sareng eusian ku perkara-perkara kasaean kalayan didasaran ku kaimanan.​​​​​​​

Lajengkeun, jihad sareng perjuangan para luluhur urang. Nanging, sanes ku mangrupi perang sareng angkat senjata, tapi ngeusiannana ku jihad ngalawan kabodoan, ngalawan kemalasan, ngalawan hawa nafsu anu matak ngusrukkeun urang kana kacilakaan sareng kasangsaraan, dunya sumawona akherat.​​​​​​​

Sing emut ieu alam kamerdekaan teh ni’mat ti Alloh ngalangkungan perjuangan para pahlawan bangsa.

Ulah rek disia-siakeun. Ulah rek dipinuhan ku perkara-perkara anu nyulayaan kana parentah pangeran. Sumawona lamun dipinuhan ku kamaksiatan, kakufuran sareng kamungkaran.

Anggur mah sing seueur eling ka Dzat anu maparinna. Alloh swt. Eusian ku rupi-rupi padamelan anu nunjukkeun kaimanan sareng katakwaan.

Eusian ku rupi-rupi padamelan anu matak nganteurkeun bangsa urang merdeka anu hakiki, maju jeung bersaing sareng bangsa-bangsa deungeun dina sagala widang.

Niscaya, ku iman jeung takwa mah, jangji Alloh bakal ngalungsurkeun kabarokahan kanggo urang bakal ngawujud. Jelas tur tetela jangji Alloh dina Al-Quran, bakal ngalungsurkeun rupi-rupi kahadean, kaamanan, kamakmuran, ka hiji nagri anu pangeusina ariman sareng tarakwa ka Mantenna.

وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنا عَلَيْهِمْ بَرَكاتٍ مِنَ السَّماءِ وَالْأَرْضِ

Hartosna, “Sareng saupamina, saenya-enyana pangeusi nagri-nagri, ariman sareng tarakwa, maka temen-temen mukakeun Kaula keur maranehna, rupi-rupi kabarokahan ti langit sareng ti bumi.” (QS. al-A’raf [7]: 96).

Tah geuning kaimanan sareng katakwaan nu janten rahasia keur ngahontal rupi-rupi kasaean Alloh. Nyakitu keneh kaimanan sareng katakwaan anu janten konci keur mukakan kabarokahan Alloh ti langit sareng ti bumi keur nagri urang. ​​​​​​​

Matak hayu urang tingkatkeun eta iman jeung takwa urang, sanes kanten janten modal keur ngeusian kamerdekaan nagara urang anu tos 78 tahun, oge janten konci natratna amal soleh urang dipayuneun Alloh swt.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ. اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ​​​​​​​

Demikian naskah khutbah Jumat tentang kemerdekaan Bahasa Sunda singkat yang bisa dipakai para khotib.***

Pos terkait