Trending

Teks Khutbah Maulid Nabi Muhammad Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Menyentuh Hati

BACA JUGA: Meninggal Dunia, Wakil Bupati Serang Pandji Tirtayasa Dikebumikan di Cinanggung

Para hadirin sadaya,

Perlu diperhatoskeun, yen dimana setiap kakacowan parantos marajalela, muncak dimana jeritan hate kaom-kaom anu lemah parantos sumarambah ka sakur imah, sakur kampung, sakur jalma anu lemah nandangan kadoliman ti pihak panguasa atanapi ti jalma anu gagah, Allah swt. Sok ngutus salah sawios mahluk na sangkan ngancurkeun eta kadoliman sareng ngabelaan ka kaom-kaom anu didolim tea.

Nya piekun ngancurkeun kajahiliyahan sareung nanjeurkeun kaadilan, sareng bebeneran, Gusti Allah ngutus Nabi Muhammad saw.

Dawuhan Allah:

كَمَااَرْسَلْنَافِيْكُمْ رَسُوْلاًمِنْكُمْ يَتْلُوْاعَلَيْكُمْ اَيَاتِنَاوَيُزَكِيْكُمْ وَيُعَلِّكُمُ الْكِتَابَ وَالْحِكْمَةَ وَيُعَلِّمُكُمْ مَالَمْ تَكُوْنُوا تَعْلَمُوْنَ.(البقرة:151)

Hartosna : “Jeung pikeun nyampurnakeun ni’mat Allah ka maraneh, nya eta Kaula geus ngutus Utusan Kaula di tengah-tengah maraneh tur ti bangsa maraneh keneh, anu tugasna, nya eta:

BACA JUGA: Tempat Wisata Terbaik di Agam dengan Pemandangan yang Keren dan Cantik

1. Mangmacakeun ayat-ayat Kaula (nya eta Qur’an) ka maraneh.
2. Ngaberesihan (lahir batin) maraneh, (nya eta tina musrik kana tauhid ka Allah, tina silih kaniaya kana silih pikanyaah ; tina asal daroraka kana jalan tobat, tina asal henteu aya pantrangan antara halal jeung haram kana jalan neangan anu halal, tina asal henteu malire kana kasehatan jeung kaberesihan badan kana jalan kawajiban ngurus kasehatan sarta kaberesihan).
3. Ngajarkeun ka maraneh kana eusi kitab (Qur’an) (anu eusina ngawengku kana mangrupa-rupa elmu pangaweruh, boh anu patali urusan hirup kambuh di dunya atawa anu patali jeung di aherat).

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button