Trending

Teks Khutbah Maulid Nabi Muhammad Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Menyentuh Hati

2. Mayunkeun pendidikan mental/karohanian heula ka umatna, ku tauhid.
3. Ngabarantas sipat kabangsaan anu sempit ku pedah beda turunan atawa kapangkatan atawa kabeungharan, tapi sadaya jalma sami mungguh Allah mah, luhur handapna martabat jalma diukur tina katakwaanana.
4. Ngabarantas sipat feudal, digentos ku sipat demokratis sareng sajabana.

Para hadirin sadayana,

Dina raraga mieling wetonan sareng perjuangan K. Nabi Muhammad saw., manga urang sami-sami ngaronjatkeun katakwaan urang ka Gusti Allah, ngaronjatkeun da’wah Islam ka sakumna masarakat, numutkeun kana pamudut Matenna, sakumaha dawuhan Allah:

قُلْ اِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللهَ فَاتَّبِعُوْنِى يُحْبِبْكُمُ اللهُ(العمرن:31)

Hartosna : “Bejakeun ku andika Muhammad ka kaom andika : Yen lamun maraneh mikacinta ka Allah kudu nuturkeun kan talajak kaula, tangtu Gusti Allah mikanyaah ka maraneh.”

Para hadirin sadaya,
Perlu diemutkeun, yen K. Nabi Muhammad saw. teh :

1. Pangmulyana ti saantero mahluk Allah, saantero para Nabi sareng Rasul Allah.
2. Nabi sareng Rasulullah anu panutup.
3. Dipasihan wewenang pikeun ngabela/nyapaatan ka urang di dunya sareng aherat, malah syafa’atul’uzhma sapaat anu pangagungna, nya eta ka sakumna manusa engke dina poe kiamah , di arah-arah mahsyar.
4. Sangkan urang kenging sapaat ti anjeunna, nya kedah nyeueurkeun maca solawat, sakumaha pidawuhna:

اَكْثِرُوَاالصَّلاَةَعَلَيَّ فَاِنَّ صَلاَتَكُمْ عَلَيَّ مَغْفِرَةٌلِذُنُوْبِكُمْ وَاطْلُبُوْاِلَى الدَّرَجَةَوَالْوَسِيْلَتِى عِنْدَرَبِّى شَفَاعَةٌ لَكُمْ.(رواهابن عساكر).

Hartosna : “Lobakeun maca solawat ka Kaula, sabab maca solawat ka kaula the matak meunang pangampura Allah pikeun dosa-dosa maraneh, jeung parenta pikeun kaula darajat jeung kalungguhan anu deukeut ka Gusti Allah, saestuna tawasul ka kaula teh mungguh Allah mah bakal jadi sapaat pikeun maraneh.” (R. Ibnu Asakir).

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button