Trending

Teks Khutbah Idul Adha 1444 H Bahasa Sunda yang Singkat dan Penuh Makna, Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman

Di hiji lengkob anu teu aya tutuwuhan sarta jalmi, nu ayeuna dilandih Makkah Mukarramah Allah ngahadirkeun kajantenan sajarah sapanjang zaman, pangorbanan Siti Hajar lulumpatan ti Shafa ka Marwah 7x dugi mancur kaluar Zamzam sarta Nabi Ibrahim meuncit kurban.

Putra anu sholeh ti Nabi anu mulia jembar manah, nampi paréntahan Gusti Allah ngalangkungan bapakna.

يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ ۖ سَتَجِدُنِي إِن شَاءَ اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ

“Nun bapak, mangga lakonan waé naon piwaranganna (ku Gusti Allah), insya Alah anjeun mendakan abdi lebet ti golongan jalmi anu salobar.” (QS. Ash-Shaffaat: 102)

Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail janten eunteung hadé, conto sapanjang zaman, teladan umat. Aranjeunna junun ngahontal kabagjaan kusabab ngalakonan ujian Gusti Allah kalawan pasrah sumerah. Nabi Ibrahim nyalametkeun tauhid na kalawan ngorbankeun tresna cinta ka putrana. Ogé Nabi Ismail bagja ngabuktoskeun kamurnian pangkat hamba Gusti Allah anu sholeh sarta anak anu bakti ka sepuh.

Allah ngagero Nabi Ibrahim sarta ngaganjar kahadéan, margi parantos ngalaksanakeun parentah-Na. Basa sadugna meuncit, Allah ngagentos langsung Nabi Ismail kalawan sato kurban anu ageung. Allah ogé parantos ngaabadikeun pangaleman-Na anu saé kanggo Nabi Ibrahim dugi ka ahir jaman sakumana dina Al-Quran serat Ash-Shaffat: 104-109

وَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَا إِبْرَاهِيمُ )١٠٤( قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا ۚ إِنَّا كَذَٰلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ )١٠٥( إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ (١٠٦) وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ (١٠٧) وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِي الْآخِرِينَ ) ١٠٨(

سَلَامٌ عَلَىٰ إِبْرَاهِيمَ (١٠٩)

“Nalika éta, Kami ngagero: Hé Ibrahim! Saestuna anjeun parantos ngalereskeun impénan éta, saéstuna kitu Kami masihan ganjaran hadé ka jalmi-jalmi anu ngalakonan kasaéan. Saéstuna ieu téh saleres-leresna ujian anu tétéla. Sareng Kami gentos murangkalih éta (Ismail) kalawan sato peupeuncitan anu ageung. Kami abadikeun pikeun Ibrahim (pangaleman anu saé) ti golongan jalmi-jalmi anu dongkap jumeneng saterusna. (Nyaéta) karaharjaan sarta kasalametan pikeun Ibrahim.”

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button