Trending

Teks Khutbah Idul Adha 1444 H Bahasa Sunda yang Singkat dan Penuh Makna, Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman

لَنْ يَّنَالَ اللّٰهَ لُحُوْمُهَا وَلَا دِمَاۤؤُهَا وَلٰكِنْ يَّنَالُهُ التَّقْوٰى مِنْكُمْۗ كَذٰلِكَ سَخَّرَهَا لَكُمْ لِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ ۗ وَبَشِّرِ الْمُحْسِنِيْنَ

“Daging (sato kurban) sarta getihna moal bisa nepi ka Allah, nanging anu nepi ka Gusti téh katakwaan aranjeun. Kukituna Gusti ngjadikeun lindeuk (éta sato kurban) pikeun aranjeun supados aranjeun ngagungkeun Allah sabab pituduh-Na anu dipaparinkeun ka aranjeun. Oge, dugikeun kabar kabungahan pikeun jalmi-jalmi anu ngalakonan kahadéan.” (QS. Al-Hajj: 37)

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.

Ti kawit sajarah kurban, urang tiasa diajar nuwuhkeun husnudon ka Gusti Allah. Yén Nabi Ibrahim milampah paréntah Allah kalawan iman anu kiat tiasa ngajagi prasangka hade ka Gusti Allah.

Saprak anjeunna ngantunkeun Siti Hajar sarta Nabi Ismail di lengkob anu keupat teu aya jalmi pisan, anu anjeunna lakonan kur saukur yakin pasrah sumerah ka Gusti Allah sarta ngayakinkeun bojona yén Allah bakal maparinan kahadéan kalawan du’a.

رَبَّنَآ اِنِّيْٓ اَسْكَنْتُ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ بِوَادٍ غَيْرِ ذِيْ زَرْعٍ عِنْدَ بَيْتِكَ الْمُحَرَّمِۙ رَبَّنَا لِيُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ فَاجْعَلْ اَفْـِٕدَةً مِّنَ النَّاسِ تَهْوِيْٓ اِلَيْهِمْ وَارْزُقْهُمْ مِّنَ الثَّمَرٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُوْنَ

“Nun Gusti pangeran abdi sadaya, saestuna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdi di hiji lengkob anu hentu aya tutuwuhanna, anu caket mungguh bumi Gusti (baitullah) anu dimulyakeun. Nuh Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranéhna kersa ngaradegkeun sholat, mugia jalmi-jalmi anu manteng hatena kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia Gusti maparinan rizki ka maranehna mangrupi bungbuahan, supados maranéhna syukur ka Gusti.” (QS. Ibrahim: 37)

Sabab husnudon billah, prasangka hadé ka Gusti Allah, pungkasna kulawargi Nabi Ibrahim janten tuladan umat sapanjang jaman, ngalungsurkeun kanyaah Gusti Allah ka umat manusa di bumi ngalangkungan cai Zamzam anu suci, ngalir dugi ka ayeuna ayana.

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button