Trending

Teks Khutbah Idul Adha 1444 H Bahasa Sunda yang Singkat dan Penuh Makna, Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman

Pasrah sumerah ti Nabi Ibrahim conto teladan umat, kulawargi anu saling mikanyaah kalawan cinta, sarta hubungan anu diwangun kalawan kaimanan ka Gusti Allah ngababarkeun kaifiyat atanapi prakték ibadah anu ngandung ibrah kahadéan sapanjang jaman.

Idul Adha atanapi Lebaran Kurban janten prosés ibadah dina agama Islam anu mupus batas pamisah antawis si beunghar sareng si malarat, ngajembarkeun kanyaah ngabagi-bagikeun daging kurban ka papada umat. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi, yén Kurban téh janten amal anu dipikacinta ku Gusti Allah di poéan nahar kaping 10 Dzulhijjah, ngabersihan jiwa sarta wasilah ngareketkeun diri ka Gusti Allah.

مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ أَحَبَّ إِلَى اللهِ مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمِ، إِنَّهُ لَيَأْتِي يَوْمَ القِيَامَةِ بِقُرُونِهَا وَأَشْعَارِهَا وَأَظْلاَفِهَا، وَأَنَّ الدَّمَ لَيَقَعُ مِنَ اللهِ بِمَكَانٍ قَبْلَ أَنْ يَقَعَ مِنَ الأَرْضِ، فَطِيبُوا بِهَا نَفْسًا

“Teu aya amalan manusa anu paling dipikadeudeuh ku Gusti Allah dina poéan meuncit (poé Nahar atanapi Idul Adha) anging ngucurkeun getih (sato kurban). Margi saestuna, sato kurban téh bakal datang dina poé kiamat sarta tandukna, buluna sarta kukuna. Sareng saestuna getih anu ngocor (ti sato kurban) bakal dugi ka Gusti Allah sateuacan ngeclak kana taneuh. Mangka bersihan jiwa aranjeun kalawan ngalakonan kurban!” (HR. At-Tirmidzi No. 1493)

Kabagjaan pikeun aranjeun anu dinten ieu kurban, kabagjaan pikeun aranjeun anu ngorbankeun naon waé hal anu dipikacinta pikeun ngabuktoskeun cinta ka Gusti Allah, kurban nyaéta buktos cinta sarta takwa aranjeun ka Gusti Allah Pangeran sadaya alam.

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button