Trending

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda dan Download PDF yang Berjudul Hade Laku Lampah Ciri Muslim Nu Taat

Satemenna kanjeng nabi kantos dipitaros perkawis naon bae anu bisa ngajadikeun umatna dimudahkeun lebet kana surga nu maha kawasa, dina salahsawios hadits kanjeng Nabi nyaurkeun,

تَقْوَى اللهِ، وَحُسْنُ الْخُلُقِ

Yen anu tiasa janten wasilah umatna kanjeng nabi lebet kana surge teh nyaeta laku taqwa sareng hade laku lampah atanapi akhlak anu sae.” (HR. At-Tirmizi No. 2004)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dipaparin ku Allah akhlak anu sae, sahingga anjeunna ditempatkeun ku nu Maha Kawasa dina posisi al-Qimmah al-‘Aliyah atanapi posisi “klasemen teratas” dina perkawis akhlak ieu, saking muliana akhlak anjeunna, Allah subhanahu wata’ala dugi ka ngalem anjeunna dina al-Quran, sakumaha dina al-Quran Allah subhanahu wata’ala ngaabadikeun, saurna,

وَإِنَّكَ لَعَلَىٰ خُلُقٍ عَظِيمٍ

Jeung satemenna ari anjeun teh ngabogaan budi pekerti anu agung.” QS Al-Qalam: 4

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Satemenna Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun surga oge kamuliaan kanggo para walina anu ajeug tur istiqomah dina akhlak. Oge laku lampah anu hade kalayan ieu akhlak teh janten parentah anu didugikeun ka umatna kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, nu mana akhlak nu sae ieu diparengan ku taufiqna nu maha kawasa di dunia. Oge pitulungna dina ngalakonan kahadean keur pibekeleun di yaumil jaza’ wal hisab.

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7 8Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button