Trending

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda dan Download PDF yang Berjudul Hade Laku Lampah Ciri Muslim Nu Taat

Dina waktuna umat manusa teu sanggup ngalakonan kasaean ku anu dipimilikna tina harta banda, maka agama ieu teu ngajarkeun kasulitan dina urusan agama, dina kahadean teu sanggup ku harta, maka bisa wae urang sadaya ngalakonan kasaean ieuteh ku sa pangabisa nu dipimilik ku urang, contohna hade dina tutur kata ka sakabeh makhluk, hatta ka jalma anu lian ti urang nyaeta kaum kuffar, sakumaha pidauh Allah subhanahu wata’ala dina al-Quran,

وَلَا تُجَادِلُوْٓا اَهْلَ الْكِتٰبِ اِلَّا بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ

Ulah bantah-bantahan anjeun kabeh jeung Ahlul Kitab, kajaba ku jalan atanapi cara anu leuwih hade.” QS. Al-Ankabut 46.

Ku kituna, parentah ngalakukeun kahadean ku laku lampah atanapi akhlak anu sae teh teu saukur dina ucapan urang sareng sasama muslim wungkul, balikta jeung sakabeh manusa, naon margina? Akhlak anu sae ngajantenkeun pelakuna ngameunangkeun darajat anu luhur disandingeun Allah nyaeta sepertos derajatna jalma nu puasa kalayan dimimitian ku qiyamullail (HR. Abu Daud), margi, kitu oge akhlak anu sae teh mangrupikeun hiji sifat anu melekat dina diri hiji jalma.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Sajaba ti eta, hade laku lampah atanapi akhlak anu sae oge bisa miboga arti كَفُّ الأَذَى   nu artina nahan diri sangkan teu nyela hiji jalma, sakumaha salafus shalih parantos ngadauh perkawis arti akhlak anu sae atanapi husnul khuluq ieu, sepertos ‘Abdullah ibn Al-Mubarak nyebatkeun makna husnul khuluq ku cariosanna,

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7 8Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button