Trending

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda dan Download PDF yang Berjudul Hade Laku Lampah Ciri Muslim Nu Taat

Sabalikna, ma’asyiral muslimin, Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun siksaan oge kamudaratan pikeun jalma anu nyeleweng tina parentahna, kalayan dibarengan ku laku kasombongan dina kahirupanna, ieu jalma ku Allah ditempatkeun dina tempat anu paling hina. Na’udzubillahi min dzalik.

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Akhlak sae anu diajarkeun ku agama ieu teh nyaeta sakumaha anu diparentahkeun ku Allah dina Al-Quran oge anu sakumaha diajarkeun ku kanjeng nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dina haditsna. Dina ieu waktos simkuring nutur sababaraha ayat Al-Quran anu difirmankeun ku Allah perkawis parentah oge pangbubungah atanapi motivasi kanggo urang sangkan ngagaduhan laku lampah anu sae. Salahsawiosna firman Allah subhanahu wata’ala dina al-Quran Surat al-Baqarah ayat 83.

Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا وَّاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ

Jeung ucapkeun ku aranjeun ka sakabeh manusa ucapan anu sae, jeung laksanakeun shalat oge tunaikeun zakat.” QS Al-Baqarah 83.

Ayat ieu nunjukkeun ka urang sadaya bahwa Allah nu maha kawasa marentahkeun ka urang sangkan ngalakukeun ihsan ka sakabeh umat manusa secara umum, ku pidauhna وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا, diantawis qaul hasan atanapi ucapan anu sae teh nyaeta laku amar makruf nahyul munkar, ngajarkeun ilmu, nyebarkeun salam, jeung nu sejeunna tina sagala ucapan anu sae.

Ma’asyiral muslimin, para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7 8Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button