Trending

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda dan Download PDF yang Berjudul Hade Laku Lampah Ciri Muslim Nu Taat

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Tina ungkapan eta urang tiasa nyandak kesimpulan yen umat muslim kudu bisa ngajaga diri tina opat kaharaman:

Kahiji: Haram jalma muslim ngabahayakeun umat muslim nu sejen ku jalan ngocorkeun darahna

Ma’asyiral muslimin, laku lampah anu dibendu ku Allah dina jalan ngocorkeun darah jalma Muslim parantos diwanti-wanti ku Allah yen saha wae nu ngalakukeun eta kalakuan, maka lebet kana janji Allah subhanahu wata’ala dina dauhna,

مِنْ أَجْلِ ذَٰلِكَ كَتَبْنَا عَلَىٰ بَنِي إِسْرَائِيلَ أَنَّهُ مَن قَتَلَ نَفْسًا بِغَيْرِ نَفْسٍ أَوْ فَسَادٍ فِي الْأَرْضِ فَكَأَنَّمَا قَتَلَ النَّاسَ جَمِيعًا وَمَنْ أَحْيَاهَا فَكَأَنَّمَا أَحْيَا النَّاسَ جَمِيعًا

Ku sabab kitu Kami netepkeun (hukumpikeun Bani Israilnya etasing saha anu maehan hiji manusalain ku sabab eta jalma (maehanjalma sejenatawa lain lantaran nyieun karuksakan di muka bumimaka saolah-olah geus maehan sakabeh manusa. Jeung sing saha jalma anu ngajaga kahirupan hiji jalmanya saolah-olah geus ngajaga kahirupan sakabeh manusa.” QS Al-Maidah : 32

Kadua: Haram jalma muslim ngarampas harta banda muslim nu sejenna

Para wargi sadaya, salahsawios bentuk prilaku ngarampas harta banda umat muslim nyaeta ku jalan maok, ghasab, ingkar kana kawajiban anu samestina dilakonan kalayan segera, sepertos hutang piutang jeung sajabana, iyeu sadaya lebet kana laku ngarampas harta anu dilarang ku agama, naon margina? Anu janten kawajiban muslim teh nyaeta ngajagi kahurmatan sodarana. Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

وَلا تَأْكُلُوا أَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُم بِالْبَاطِلِ وَتُدْلُوا بِهَا إِلَى الْحُكَّامِ لِتَأْكُلُوا فَرِيقًا مِّنْ أَمْوَالِ النَّاسِ بِالإِثْمِ وَأَنتُمْ تَعْلَمُونَ

Jeung ulah nepi ka sabagian maranéh ngadahar harta banda anu séjén ku jalan batiljeung (ulahmawa harta ka hakimsupaya maranéh bisa ngadahar sabagian harta batur ku jalan dosa, padahal maraneh nyaraho.” QS. Al-Baqarah 188.

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7 8Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button