Trending

Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda, Singkat dan Padat, Tentang Lebaran Anu Berkah

Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

BACA JUGA: Jangan Takut Donor Darah! Manfaatnya Sangat Besar ke Kesehatan

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162).

Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.

BACA JUGA: The Gunners Kewalahan, Arsenal Hanya Raih 1 Poin di Laga Derby London

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button