Trending

Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda, Singkat dan Padat, Tentang Lebaran Anu Berkah

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu beurangna. Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas.

Puasa mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.

أَيَّاماً مَّعْدُودَاتٍ فَمَن كَانَ مِنكُم مَّرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ وَعَلَى الَّذِينَ يُطِيقُونَهُ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِينٍ فَمَن تَطَوَّعَ خَيْراً فَهُوَ خَيْرٌ لَّهُ وَأَن تَصُومُواْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ

“Hartosna, puasa dina pirang pirang poe anu ditangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran gering atawa musafir maka qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab uzur maka kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana samud sapoena, jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta leuwih utama, jeung lamun puasa eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu ge lamun aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-Baqarah, 184)

BACA JUGA: Tips! Resep Olahan Telur Agar Tidak Bosan, Bisa Dicoba di Rumah

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada-pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa etikana kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae. Masalah puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku jelema lamun teu era ku gusti Allah. Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button