Trending

Teks Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda, Singkat dan Padat, Tentang Lebaran Anu Berkah

Sacara emosi jalma anu puasa kudu mampu nyengker tina sagala kaambek, Kangjeng Nabi midawuh yen lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang keur puasa, pon nyakitu keneh mun aya nu ngambek.

Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalma anu gagah lain anu sok sosorongot tapi jalma anu gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambek.

Allahu Akbar 3x

BACA JUGA: ENDING Progresnya Berapa Persen Episode 15: Akhir Kisah Michelle Ziudith dan Omar Daniel

Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.

Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu goreng adatna.

Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa.

Pidawuh Rasullullah, “Saha jalma nyumponan hajat jalma Islam di bulan ramadlon maka Allah bakal nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah.”

مَّن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً حَسَنَةً يَكُن لَّهُۥ نَصِيبٌ مِّنْهَا ۖ وَمَن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً سَيِّئَةً يَكُن لَّهُۥ كِفْلٌ مِّنْهَا ۗ وَكَانَ ٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىْءٍ مُّقِيتًا

“Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina kahadean, sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya Allah eta kacida maha kuatna” (Qs Al-Nisa 85-86)

Pidawuh Rasul anu hartosna yen

“Saestuna Allah SWT salawasna bakal nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama hambana” ( Al-Hadits).

Baca artikel Bantenraya.co.id lainnya di Google News
 
Laman sebelumnya 1 2 3 4 5 6 7Laman berikutnya

Related Articles

Back to top button